![]() |
| cintai kota banjar |
"KIDUNG LAKBOK"
"KiDung-
Lakbok". Nja eta sasakala djeung uga Rawa Lakbok, tina paririmbon Aki
Ranadjangga,Ma'lim anu nitis ka Buja Putih.
»PAPATAT - MAKAR«.
1. Ngebul
kukusna ka Mangung njambuang ka awang-awang,bau kalemba kastori, mangsoji
djeung menjan putih, sasadjen djeung rurudjakan, puntjak manik tangtang angin,
tjawisan para puhatji, nu datang ti Kahijangan.-
2. Mugi agung
nja Paralun, muga djembar pangampura, Ka luhur ka Sang Rumuhun, ka Batara ka
Batari, ka Batara Nagaradja, dedemit Onom Siluman, Sang Pramesti Uti
Pati.-
3. Paralun
amit rek ngindung, Kidung Lakbok nu kapungkur,
tjarita kolor Baheula, sasakala asal tadi, Lakbok teh hidji nagara, Nu disupata
ku dewa,Katelah "Bandjarpatroman", nagri gede loh djinawi.
4. Lembur kalingkung ku gunung, botjorna ngan ka sagara,
pamali tarung djeung dulur, matak paanggang pakaja, Sang Ratu Ineung Buana,
parebut dajeuh Patroman, Ratu Agung Tambakbaja.
5. Nu tarung Patutunggalan, ana djlog ka "Pataruman, Pataruman
tempat tarung, nja silih tjabok di Lakbok, ngarengkol di Pasir Djengkol,
mikiran kuma akalna, ngawang ngawang di Batulawang.
6. Silih sUrung di tjikawung, silih dupak di Kokoplak, silih
sered di Kawasen, tempat ngadu kasakten, ramena anu keur perang, silih
djingdjing silih djungjung, silih gusur silih sumtrung.
7. Silih dupak silih sepak, silih sepak sewangkara,
silih djotos silih tjabok,, silih pojok silih haok, silih puak silih bekok,
silih tjekek silih kadek, silih tumbuk silih tubruk, silih djingdjing djeung
tampiling.-
8. silih gobang silih pedang, silih alung silih bojong, silih
sered silih gentjet, silih pentung ku pepentung, silih irik silih gitik, silih
pundjeung silih uleng, silih tenggok silih djekok, silih tjiwit silih
djembel.-
9. Tarung paungku-ungku, perangna padjaga-djaga, pada sieun
kabeunangan, boga rasa kawirangan, wiwirang dikolong tjatang, erana nu eleh
perang, kaduhung sagede gunung, wirang sabeurang-sapueting.-
10. Nu perang taja eureuna, itu wani ieu wani, pada-pada embung
eleh, taja hidji anu teter, djorelat ngajedat ka "Djelat, diboro ka
tjiporoan, mundur ngukuj ka "Tjitanduj, rundag-randeg di "Randegan.-
11. Ngadon ngarandeg sakeudeung, ngadaweung ngabangbang
areuj, HUdang patangtang pitingting, LUdeung semu taja keueung, . ....ajonan di
Gagajonan, dipupu di "Gunung Tjupu, silih rontok di "Tjikotok, gaduh
raos bet kaduhung.
12. Kaduhung tarung djeung dulur, rebut balung tanpa eusi, nu
puguh onar ka batur, matak era ka tatangga, napsu nu matak kaduhung, badan anu katempuhan,
lebur adjur tutumpuran, nagri ruksak ku sorangan.
13. Kolot mah mili kawirang, bingung patjampur djeung susah,
mikiran nu djadi anak, taja reureuhna nu tarung,Tarung ngadukeun pakarang,Sabuk
bandring ting kirintjing,Gondewa henteu kawawa,
Ting siripit ting belesur.
14. Burinjaj adu di djalan,Paser potong djadi dua,Sami-sami
digdjajana,Namung gaib anu njanding,
Putra isin ku ramana,Rasa geus babalik
pikir,Njingkiran era kaduhung,Nja njingkur di "Gunung Sangkur
15. "Gunung Sangkur tempat njingkur,Ngaheneng di
"Gunung Tumpeng"Tjijdjurej di arej-arej,
"Tjiigolentrak milu senggak,Njeggakan nu ngadu
rosa,Perang tanding djeung saderek,
Wekasan meunang supata,Ngahleng di
"Tjitamiang.
16. Reup angkeb bumi djeung langit,Gunung rugrug
laut motah,Lini teu aja eureuna,Galindeng sora kawahan,Hawar-hawar
kabujutan,Njaksian supata dewa,Nu kantun sami gegetun,Nu nilar ngan bati kelar.
17. Nu anom mung kantun ngungun,Waas patjampur djeung
sedih,Bet nagri "Bandjarpatroman,Salin djinis salin rupa,Urut djajeuh djadi
leuweung,Urut gedong anu sigrong,Diparake sajang bagong,Djadi leuweung sima
gonggong.
18. Situ kalangenan sari,
Djadi rantja tjaneoman,Panjaniti musna
leungit,Babantjong melong molongpong,Tjaneom djadi geueuman,Tempat etan
duruwiksa,Tempat Siluman-sileman,Dedemit tukang tjilimit,
19. Batu karut nutjamerut,Tjimerut dumeh dikantun,Melong ngan
bati bengong,Nagara ngarupa rawa, Gedong-gedong jadi pulo,Pulo putri "Pulo
Erang,Manusa djaradi hewan,Lele betok belut sidat,
20. Tumenggung nyurup ka lutung,Korawa mangrupa owa,Si
Lengser paeh saleser,"Bandjarsari leungit sari,Kabawa kunu ngahijang,Ratu
Agung Tambak Baja,Nu aya ngan "Sindangdjaja,"Sindanghaju nu rahaju.
21. Batu petir nu kiwari,Batu karut nu Kapungkur,Mungkurkeun
ti "Gunung Sangkur,Ngariung djeung "Batulawang,Batulawang nu
ngahadang,Njandingkeun ka "Gunung Tjupu,Wadah manik astagina,
Batu peti nu mupusti.
22. Sada gugur di kapitu,Sada gelap di kasanga,Aja sora tanpa
rupa,Djaga dina djaman achir,
Baris aja nu ngaruat,"Lakbok pulang ka
asalna,Nja muntjang labuh ka puku,Kebo mulih pakandangan.
23. Ratu di Gunung Galungung,Menak pentjar Geusan Ulun,
Ku eta dadak sakala,Nagara djadi waluja,Musna
chajal timbul insan,Loba jalma kadjadjaden,Dedemit setan siluman,Djadi djalma
bungkeuleukan.
25. Palungpung kasilih kampung,Tegal mandjah djadi saah,Nja
ratu ngaradja dewek,Djalan panjang disaungan,"Langen djadi
kalangenan,"Manganti keur sri Manganti,Paranti Gusti ningali,
Ngawangngawang ka Batulawang.
25. Panungtung Ngadeg tumenggung,Bawah tatar beulah wetan,Duka
dimana lebahna,Ngan disebut "KERTADJAGa,Djaga soteh tjeuk baheula,Nagara
pulang ka asal,Kapulih manan birahi,Kapunah batan baheula.-
26. Kitu tjaturing pitutur,Kiwari geus njata pisan,Sihoreng
Kangdjeng Pagusten,Nu ngaruat ieu "Lakbok,Nepi ka dieu djadina,Kawas
nagara tjitjipatan,Tatapi tjerewedna mah,Baris nepi ka kiamah.
»MENAK
NGAPUNG«
:Daweung
Menak Padjajaran:
1. Ngadaweung
ngababgban areuj,Ratu di Gunung GalungungMenak pentjar geusan Ulun,Njawang ka
tataran wetan,Nagara Bandjarpatroman,Tanah datar bahe ngaler,Ngetan ngidul
djlog ka laut,Tjitjiren Garuda ngupuk.
2. Njawang njeueung semu keueung,Rus-ras ka djaman
katukang,Tjeuk udjarna nini mojang,Ngudat riwadjat sadjarah.Geusan ulun utun
indji,Anu pibakaleun bisa,Nu ngaruat rawa Lakbok,Turunan Ratu Galunggung.
3. Rongheap manak kagugat,Ku riwajat djeung sadjarah,Sadjarah
Bandjarpatroman,Baheulana tjenah nagri,
Nagri ma'mur loh djinawi,Rea ketan rea keton.Ratuna
luhung elmuna,Adil djeung sabar darana.
4. Sampiung ngapung ka manggung,Menak ngapak djomantara,Nu
dimaksud rek ngaruat,Rawa Lakbok nu kiwari,Inget kana kawadjiban,Ngabela nagri
nu gugur,Asal nagri djadi leuweung,Luwang-liwung ku geueuman.
5. Beki luhur pang ngapungna,Beuki lepas pang
pangapakna,Paheula-heula djeung heulang,Pahiri-hiri djeung geuri,Paboro-boro
djeung rangkong,Njoreang ka tebeh handap,Atra katingal gunungna,
Gunung Galungung nu Agung.
6. Gunung Galunggung kapungkur,Majun ka
Bandjarpatroman,Gunungna patingparentul,
"Gunung Tumpeng nu ngaheneng,"Gunung
Sangkur djiga mungkur,"Ngajegir "BAbakan ngelir,Pasir pandjang
ngemat-ngemat,Djiga benteng tambak bahja.
7. Katingal Ti awang-awang,Sagara siaga tjileuntjang,Leumpang
sakulit ing angin,Kapindingan indung peuting,Kalampatan mega bodas,Kareueukan
mega hideung,Sawahna sariga kalang,Majakpak keur beuneur hedjo,
8. Katarandjang angin lada,Angin barat silantangan,Sumiriwing
djeg karinding.Gugurna sada ngalindur,
Gelapna sada korendang,Tarik tanding mimis
bedil,Liang irung kikidungan,Liang tjeuli sondarian,
9. Rea lembur nu kalangkung,Lembur-lembur ting
runggunuk,Imah-imahna djarangkung,
Da sieun ku sato galak,Maung meong bagong
badak,Sagara majakpak bodas,Katingal satungtung deuleu,
Laut kidul matak waas.
10. Teu lami Raden djol sumping,Sumpingna ka mega
malang,Sakeudeung Raden ngarandeg,
Di luhur kota Randegan,Njawang bari
larak-lirik,Ngetan ngidul reudjeung ngaler,Katembong Kalapa Nunggal,Ngawawangwang
Bandjarpatroman.
11. Sumiripit di wiati,Ngawangwang di awang-awang,Rengking
sagede papanting,Rentang sagede papatong,Sumerepet tanding walet,Sumeak tanding
kadantja,Kadantja muru raratan,Kawas djogdjog moro mondok.
12. Kawas walik muru lamping,Muru pametinganana,Kawas tjiung
muru gunung,Muru pangaubanana,
Ngatjatjang di mega malang,Utjang angge mega
koneng,Seueurna mega kaliwat,Salawe simpanganana.
13. Simpangan ti Kahijangan,Datang ka tundjang buna,Kana
pongpok sarangenge,Tjunduk ka tjurugna galur,Sumpin ka bagalna bulan,Aki geleng
Pangantjingan,Pangantjingan langit ping pitu,
Neda widi rek Ngaruat,
»SAGED MENAK ANU DANGDAN«
1. Menak Aria
keur dangdan Saged tjangtjut tali wondo,Nu mendung lantjingan wulung,Nu
njigi lantjingan pandji,Nu marong bandong kantjatna,Tali tjawet dibakutet,Riap
sabuk tali datu,Sabuk palangi sahidji.
2. Lain ladang ngurup nukeur,Lain ladang babalantik,Ladang
imut pipir lisung,Pangalungan indung-indung,
Pamalangan tatambangan,Ladang imut
patembongan,Susumping kembang djajanti,Tjettjet kamboja sutra.
3. Tilu suku djeung tjatutna,Sareal djeung naratajan,Satail
tempuhanana,Tarolop gagang pangotna,
Paranto njotjo nu bentol,Saranka
sasarangatan,Gogodong ki djulang enom,Landean tjula bungalan.
4. Pamendak ronjong kantjana,Montjorong pendok emasna,Pondok
emas beunang natah,
Tatahan ganggong sapotong,Ukiran patra gumelas,Ti
gigir di mata walik,Ti tukang dilatjah mentrang,
Ti hareup dikuda njeungseung.
5. Dangdan Menak Nu raspati,Dangdan sakadangdan-dangdan,Surup
payus kana tangtung,Semu geueuman pamulu,Sieup teureu ka pameunteu,Gandes
pantes kana degdeg,Gandang tandang amis budi,
Pertentang turunan ejang,Bismillah mimiti mudji,Ka
Gusti Nu Maha Sutji,Abdi Gusti nu Maha SUtji,
Abdi Gusti neda widi,Neda ma'ap rek ngaruat,Rawa
Lakbok nu kiwari,Sedek rejem-rejem pantes,
Sedek kaburu ku beurang,Pang radjah pamunah basa.
»BANDJAR BAKAL BANDJIR«
Numutkeun
tjeuk udjaring Babad Lakbok,
Ngudag latjak sadjarah Bandjatpatroman,
Njuktjruk galur tjatur karuhun, kasauran sepuh
kapungkur ,,,Bandjar teh bakal Bandjir" Tjenah, malah kunu aranom ajena nu
parantos sami ngalaman djaman kiwari,
Geus djadi katjapangan ,,,Bandjar Banjir"
abong-abong aja paribasa ,,Wong tua gawe wiwitan sing enom darma
ngelakoni"
Hatina: Kolot nu ngamimitian, nu anom kantun
nulujkeun." Tungtuna teh aja basa ,,Tuturut munding". Duka bener
henteuna mah, naha enje ieu tah Bandjar bakal bandjir"?
,,,,,Bandjir ku naon?"
,,,Bandjir ku tjai atawa bamdjir ku getih?"
,,,Wallohu 'Alam Bissawab" tjenah tjeuk nu
ngadjawab, "Tapi ku emutan sim kuring, kantenan sadayana oge p3antos sami
uninga jen ELMU teh KANJAHO,ulah ngan sesemet nepika,,, Wallohu Alam
Bissawab"
Bae, da kedah nepi kana,, Alam Aenal Jakin
Ulah kabar Jakin" margi ajeunamah Djaman,,,
kajataan"
,,Kanjataan nu mana?"
Kanjataan nu eta, anu njata, anu jakin, anu
kaharti ku pikir, anu karampa ku rasa,
Anu ka udag ku akal, anu karasa ku basa.
Basa alam mikir sing nepi ka kaharti ka ukir ku
pikir, basa Alam karampa sing nepi ka karasana kalawan njata, basa alam POK
NGOMONG sing nepika BASANA, napi ka NGALAGENANA.
Nintjak sing keuna kana hambalanana basa ing
ninggang wirahmana, Ulah nete semplek nuntjak semplak, bisi urug teu
puguh-puguh, ragrag teu karasa; urug mamawa euntjeh nu ragrag kababawa...
Saolah-olah genteng-genteng ulah potong.
Sabab naha enja jen Bandjar teh Bakal
Bandjir?,,, Naha geus karasa, geus kaalaman atawa teu atjan?!
TaaaaaaH,, Ajeuna mangga Urang bahas, Urang di
Guar, Ulah Ngan wungkul wangwangan djeung ulang ngan Saukur kira-kira bae.
Tjeuk anu nyebatkeun Bandjar Bakal Bandjir ku
tjai, eta leres, da parantos sami ngalaman, dina tanggal 02 Djuli 1950,
kaleresan kaping 16 bulan puasa 1349, taun Wau malem Ahad Manis, geus kadjadian
Bandjar Bandjir nu panggede-gedena, tjeuk urang mah nu nembe ngalaman.
Bandjir anu kahidji, anu geus kaalaman, ku sim
kuring, kinten-kinten taun 1928, upami teu lepat, margi tjatetanana leungit.
Teu sabara ageungna, mung saukur ruksak pasawahan palawidja djeung imah-imah nu
aja dikampung Tjikadu, Kalapa Nunggal, Randegan, djeung Tjitapen. Namung
Bandjir anu kadua kalina mah, nja eta nu geus kadjadian Kaping 2 Djuli 1950,
anu kasebat tadi di luhur sim kuring oge nembe ngalaman. Kenging oge di
sebatkeun bandjir anu panggede-gedena. Margi tjai di palebah Lapang Sudarsono
djeung dipangadegan,, Luhurna kurang
Leuwih 2 meter. Lebah Dieu urang, anu teu uninga
bandjir di Bandjar, tiasa njawang, atanapi noong ku panon batin; Pisakumahaen
temen djeung sabaraha anu korban, nu sami ngarandapan ruksak imahna, dibelaan
ngadon njingkur di imah batur.
Parabot Rumah tangga djeung ingon-ingon mah geus
teu katjatur; hayam, Meri, soang, entog, Kuda, munding, sapi, embe, loba nu
ngarodjaj ngajangkang di tjitanduj. Korban Manusa oge aja.
Anu ngarandapan kitu teh nu katangen ti wangkid;
Tjisaga, Tjigerendeng, Tjikulak, Parung Lesang, Parung Sari Bodobatu, KP,
Pasar, Kp. Gudang, Tjikadu Kalapa Nunggal. Randegan djeung Tjitapen, nja eta
lembur- lembur anu tjaket ka sisi tjitanduj.
Ku kituna atuh surup djeung pantes kanu
njebatkeun Bandjar Bandjir ku tjai, da kitu anu parantos kaalaman.
Kadjadian-Kadjadian anu geus kaalaman ku urang
teh, ngeunaan oge kana saur sepuh anu kieu tjenah,, Barudak engke didjaman
ahir, dimana Gunung Babakan geus kawin djeung Gunung sangkur, Bandjar Bakal bandjir.
Aja tjatur beunteur njeuseupan kembang kalapa, nyarusup na langari beukah,
Handjat ngarendong dina sela-sela palapah
kalapa. Nja Badjar djadi sagara.
Sabadana Eta, Bandjar djadi nagara.. Sanggeusan
Bandjar djadi nagara, Bandjar Bakal djadikatjapangan: BandjarPatroman_ Bandjar
Aman.
|

